Radar Cianjur »
Cianjur Raya
»
WILUJENG SUMPING BAGINDA SALMAN
WILUJENG SUMPING BAGINDA SALMAN
Posted by Radar Cianjur on Senin, 27 Februari 2017 |
Cianjur Raya
Geus mangpuluh-puluh tahun, ieu nagara can katingcak deui Baginda Raja Arab Saudi. Kiwari, rahayat ieu nagara baris karugrugan menyan jeung kagunturan madu, Raja Arab Saudi, Pangeran Salman baris lungsur galih nepangan ieu nagara anu rahayat Islamna panglobana sadunya
Spanduk geus dipasangkeun di hareupeun baledesa Tumaritis “ Wilujeng sumping Pangeran Salman,”. Tidituna mah rahayat Turamaritis milu bungah lantaran maranehna boga dua pangharepan.
“ Kahijina, kuota haji ditambahan, ulah nepi ka aya anu ngantri haji kaburu maot manten. Kaduana, pagawa awewe hayang dihalalkeun deui ulah nepika jaradi pagawe liar,” kitu ceuk Lurah Semar karahayatna.
Si Cepot nyerengeh.
“ Lah, bapana ngan ukur Lurah, kumaha raja urang we atuh, mongtong sok loba usul, bisi batur lieureun,” ceuk Si Cepot.
“ Heueuh, ieu mah susuganan we, Jang,” ceuk Lurah Semar.
Si Gareng nunjuk kana spanduk.
“ Naha geuning teu make H, beda jeung gegeden diurang. Meuni teu leupas H tina ngarana ?” ceuk Si Gareng.
Lurah Semar ngadelek.
“ Teu usum di Arab mah, sanajan sarebu kali ngurilingan ka’bah oge tara make hayangeun disebut haji,” ceuk Lurah Semar.
“ Geuningan diurang mah sok aya anu baeud ari teu disebut kang haji teh bapa, bisi, Kangjeng Raja jadi baeud,” ceuk Si Gareng deui.
“ Na ari maneh, hajian mah sual ibadah, lain pangkat atawa ijazah. Teu jadi hajina oge lamun aya sir dina hate hayang sohor mah,” tembal lurah semar.
Gatot Kaca datang. Manehna mesem ngadenge bapa jeung anak keur debat kusir soal haji.
“ Dalem urang oge tara disebut haji, beheula Tjetjep Muchtar Soleh we, ayeuna putrana, Irvan Rivano Muchtar we nyakitu deui pupuhu dewan, Yadi Mulyadi we, teu ieuh nyatetkeun maneh dina susuratan dines maka H, da anu penting mah kalakuan anu hade, lain mindengna hahajian,” ceuk Gatot Kaca.
Si Cepot ngacungkeun jempolna.
“ Atuda teu pantes lamun Haji Semar Badranaya atawa Haji Burisrawa, numatak loba anu diganti ngaran ku ngaran jalma soleh. Sugan we, ari make ngaran soleh mah, balik ti haji jadi jalma soleh, lain kalah beuki ngopet, komo ka budak yatim mah,” ceuk Si Cepot.
“ Kieu dongengna,” ceuk Gatot Kaca.
Baheula, keur jaman ka Arab tumpak kapal cai saperti kapal Pasifik Abeto, komo beh dituna mah tumpak kapal layar, lilana mangbulan-bulan. Diperjalananana oge loba pisan pibahayaeun. Numatak, saha bae anu balik tos hajian, ku bangsa urang jeung bangsa Malaysia, kacida pisan dibageakeun bari disebut “ Al-Haj” hartina jalma anu enggeus salamet. Tah, eta pisan anu matak sakur jalma sok nambahan ngarana anu dimimitian ku H keur lalaki atawa Hj. Keur awewe. Ari dinagara sejen mah salian Bangsa Malayu tara make H.
“ Lamun kahajina tilu kali, jadi Hahaha, meureun,” ceuk Si Cepot.
“ Tong sok ngaheureuykeun Pot, bisi aya anu nyangka Hoax. Anu penting mah, urang ngdo’a, sing saha bae anu ngalaman hajian, sing salamet, utamana nah, disalametkeun tina sipat sombong, takabur, hayang sohor, rarasaan ahli surga atawa ngaremehkeun ka jalma anu can hajian,” ceuk Gatot Kaca.
Lurah Semar gogodeg.
“ Baku nya, obrolan teh sok ngacapruk. Baturmah reueus mapag datangna Raja Saudi ieu mah kalah ngalantur kana hajian,” ceuk Lurah Semar bari ngaleos ka tajug rek Salat Duha. *)

Populer
-
PETUGAS BNNK tes urine siswa SMAN 1 Ciranjang. CIANJUR-Antisipasi bahaya penyalahgunaan narkoba di kalangan pelajar dan di lingkungan s...
-
JAKARTA-Pendiri sekaligus Ketua Umum Museum Rekor Indonesia (Muri) Jaya Suprana memberikan penghargaan kepada MPR karena dinilai be...
-
ATLETICO Madrid melangkah ke semifinal Liga Champions usai menyingkirkan sang juara bertahan, FC Barcelona. Pada laga di Vicente Cal...
-
24 Tewas Lainnya Tewas PIHAK militer Filipina terus menekan Kelompok Abu Sayyaf yang berada di Pulau Basilan. Menuruty lansiran s...
-
CIANJUR- Ketua Komisi IV DPRD Cianjur Dadang Sutarmo didampingi Ence Deni Nuryadi menyambangi sekolah Juhdi (13), SDN Sindanglaya, Desa Si...
-
BANDUNG-Manajer Persib, Umuh Muchtar menyampaikan simpati kepada bocah yang menjadi korban tabrak lari, Ridho Maulidin Sukarna (5) ...
-
JAKARTA-Anak Presiden pertama Indonesia Soekarno, Rachmawati Soekarnoputri menyatakan, kasus dugaan penghinaan terhadap lambang ne...
-
USAI sudah teka-teki semifinal liga paling bergengsi di benua biru, setelah empat tim terbaik memastikan diri dengan menyingkirkan lawan...
Tidak ada komentar: