Radar Cianjur »
Cianjur Raya
»
LAGU KABANGSAAN JEUNG KTP
LAGU KABANGSAAN JEUNG KTP
Posted by Radar Cianjur on Rabu, 15 Maret 2017 |
Cianjur Raya
Sanajan can boga KTP, ari palebah milu ngalagu kabangsaan Indonesia Raya mah tetap we khusu. Komo Haji Ending Bachrudin mah anu nangtung gigireun kuring malah carindakdakan.
“ Emut sesahna ngamerdekakeun nagara teh, saparantos 300 tahun dijajah ku nagara deungeun,” kitu ceuk Haji Ending.
“ Bangun anu sedih ?” ceuk kuring.
Nyatana Haji Ending mikiran, kumaha hatena eta jalma anu koropsi duit KTP nalika milu ngalagu Indonesia Raya, boh dina upacara atawa keur muka acara. Buktina, maranehna asa teu nyaah ka nagara, komo ka rahayat mah, malahan nagara teh siga anu dijieun borah keur ngarah kauntungan pribadi atawa golonganana.
“ Leuwih ti urang asing, da geus puguh urang asing mah ku saliwat oge katempo. Malah dina perjuangan Islam oge anu paling bahaya teh jalma munapek. Api-api cacalawakan ngalagu Indonesia bari pang tarikna macakeun sumpah jabatan, padahal hate jeung pikiranana mah muter we neangan palingeun.” Ceuk Haji Ending.
“ Teu kitu sadayana panginten, aya we panganggung anu soleh mah,” ceuk Kuring.
“ Muhun, ieu mah kanu geus katangen we, sapertos anu maling duit KTP, buktosna, rahayat teu labagean KTP da dikarenyot ku jalmi anu kausap setan,” tembal Haji Ending.
Ceuk rahayat anu sejena, diantara sakabeh anu koropsi, pangneuteulina atuda maling duit KTP mah. Sabab, urang kidul anu jarauh, nepika mondok moek ninggalkeun kulawargana da hayang boga KTP, kari - kari, KTPna teu kajieun da duitna dirarinyuh ku monyet borontok.
“ Kudu sabar we, urang mah, ngadu’a ka Gusti Alloh, mugi panganggung ieu nagara disaladarkeun kana kajahatanana,” ceuk Haji Ending bari jeung ditungungan, pantes loba teroris ge da meureun teu ngartieun kunu ngolah nagara.
“ Kirang-kirang kaimanan kiat mah, matak aral subaha,” ceuk Haji Ending Bahrudin bari jung nangtung rek ngado’a, nutup acara Kuliah Umum jeung Tableg Akbar di STAIS Al-Azhari.
Numatak, ceuk Haji Imang S Winata, Pupuhu STAIS Al-Azhari, didikan agama keur barudak generasi kahareup kudu kuat sabab bisa kalakuan inohong anu teu aruni kawariskeun ka generasi muda.
Tangtuna, anu bakal mingpin ieu nagara isuk jaganing pageto nyaeta barudak ayeuna pisan.
*)

Populer
-
CIANJUR- Kelana Branded Cloth promo diskon harga jenis pakaian mulai dari pakaian pria dan wanita. Ini dilakukan untuk mema...
-
CIANJUR - Dewan Mahasiswa Sekolah Tinggi Ilmu Syariah Nahdlatul Ulama (Dema Stisnu) Kabupaten Cianjur untuk pertamakalinya menggelar Pe...
-
*) Nanang Rustandi BEGITU berseliweran berbagai informasi dan berita di era Jaman Now. Semua harus disortir mana yang benar-benar infor...
-
Neng Eem ingatkan masyarakat pentingnya empat pilar MPR RI CIANJUR- Anggota DPR RI, yang juga anggota MPR RI Neng Eem Marhamah Zulfa H...
-
BANGGA: Rizki Ferry (kiri) membuat sekolahnya bangga dengan berbagai prestasi yang diraihnya lewat olah vokal. CIANJUR-Bakat Ri...
-
TAMPIL: Salah satu siswa menunjukan kebolehan dalam lomba pementasan tunggal teatrikal. PEMBUKAAN Sport, Religion dan Art (Spect...
-
CIANJUR-Seiring kian menumpuknya jumlah sampah di Kabupaten Cianjur, Komite Peduli Lingkungan Hidup (KPLHI) Kabupaten Cianjur bekerjasam...
-
Anggota DPR RI dari Fraksi PKB, Neng Eem Marhamah Zulfa Hiz sosialisasikan 4 pilar kebangsaan terhadap ratusan kiai dan ustad CIANJUR -...
Tidak ada komentar: