Dituding Ngopi Sianida



Angin ngagelebug nebak swargaloka nepi ka ranjang pangkuleman Batara Guru oyag. Kuniang Batara Guru hudang. Sanggeus gigisik, manehna leumpang ka Kaputren. Nyampak Eyang Narada keur sila rek laporan.

“ Hatur sembah yayi Guru, rupina aya warta aheng di Mayapada. Saurna, Dewi Yasikawongso dituding ngopi racun sianida nepi ka sobatna Dewi Mirnawati perlaya,” ceuk Eyang Narada.

“ Eum, Uwa, geura sidikeun kaditu, salaku Profesor dina widang karacunan, uwa kudu nyidikeun bener atawa henteuna, ulah nepika Dewi Yasikawongso dihukum ku sakadar carita,” ceuk Batara Guru.

“ Siap Bos,” ceuk Batara Narada bari nyolodok, nyembah.

Keleyeng mega bodas anu ditumpakan ku Eyang Narada turun ka Mayapada. Kabeneran turuna di buruan Kantor Cadukcapil, Calon Penduduk Sipil, paranti nyieun KK jeung KTP.

“ Seep formulirna, Ki,” ceuk Satpam eta kantor.

Eyang Narada rungah-ringeuh teu ngartieun, bet subuh-subuh aya anu nyarita kitu.
“ Barina ge Ujang, uwa mah teu butuh, keun wae jadi penduduk liar ge asal nyatu we,” ceuk Eyang Narada bari manyun.

Si Cepot anu biasa mangkal di Kantor Cadukcapil nyerengeh.
“ Barina oge mang, aki-aki eta mah da lain manusa, satengah jurig, ampir sarua jeung amang, ngantor subuh-subuh bari ngabagikeun formulir,” ceuk Si Cepot ka eta Satpam bari terus nyampeurkeun ka Batara Guru.

“ Kabeneran, anteur uwa ka pangadilan Pot, rek milu mere katerangan ka Pak Hakim, bisi Nyi Dewi kaburu dihukum,” ceuk Eyang Narada.

Si Cepot nganteur Eyang Narada ka Pangadilan. Sanggeus gek diuk  dina korsi saksi, Si Cepot dititah nerangkeun yen Eyang Narada teh hiji professor widang karacunan.

“ Numatak geus peot tur rarangrorong oge balas nyobaan kopi sianida,” ceuk Si Cepot.
Eyang Narada manyun.

“ Sing baleg Pot nerangkeun teh, nyaho Eyang geus kolot matak peot jeung rarangrorong ge, lain nyobaan nginum racun,” ceuk Eyang Narada.

“ Ari can nyobaan mah lain ge ahli atuh,” ceuk Si Cepot.

Toktoktok ! Hakim ngetrok palu sidangna.

Eyang Narada netelakeun dina gambar anu ditempokeun ka Eyang Narada ku Pangacara Nyi Dewi, Eyang Narada nyebutkeun, dina eta gambar euweuh racun sianidaan.

“ Tiasa dibuktoskeun Eyang Propesor ?” ceuk Hakim.

Eyang Narada cengkat bari ngalamot eta gambar.

“ Dilamot oge ku uwa teu nanaon,” ceuk Eyang Narada.

Hakim nyureng, anu lalajo pating serengeh.

“ Maksadna, dina eta gambar aya cici-cirina racun Sianida teu aya ?” ceuk Hakim deui.

“ Nya Uwa mah teu apal, biasana mah racun kitu mah paranti maehan jukut. Apan eta mah ngan ukur gambar,” tembal Eyang Narada.

Si Cepot nginjeun sesa cikopi anu disebut Kopi Sianida tea ka kapangacara.

“ Supados buktos Eyang, cobi atuh ieu kopi sesa Nyi Dewi ku uwa eueut,” ceuk Si Cepot.
Eyang Narada molotot.

“ Inun we ku colangan, Pot, keun engke ku uwa disilidikna,” ceuk Eyang Narada bari permisi, kaluar ti rohangan sidang.

“ Uwa bade kamana ?” ceuk Si Cepot.

“ Lieur Pot, urusan jeung manusa mah,” cenah bari keclak tumpak mega bodas. Ngapung ka awing-awang.*)


Tidak ada komentar:

Write a Comment


Top